B. Daerah

Pertanyaan

Naon ari pupuh mijil ?

~MANGAT NGISINYA~
-SUNDA JAYA-

1 Jawaban

  • Pupuh mijil nyaeta salah sahiji rupa pupuh. Pupuh nyaeta aturan atawa patokan nu biasa digunakeun dina sawatara rupa puisi Sunda, saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh nu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh mijil kaasup kana Sekar Alit.  

    Pembahasan

    Aturan nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan, guru lagu jeung watek atawa karakter. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang (huruf vokal) tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil nyaeta 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Sedengkeu watek atawa karakter pupuh mijil nyaeta ngagambarkeun rasa kasedih tapi kalayan pinuh ku pangharepan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon anu dimaksud pupuh ? https://brainly.co.id/tugas/12829092
    • Ciri-ciri pupuh https://brainly.co.id/tugas/9771704
    • Naon bedana kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/3725821

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

    Bab : 3

    Kode : 8.13.3

    Kata Kunci : Pupuh mijil nyaeta

Pertanyaan Lainnya