B. Daerah

Pertanyaan

naon sababna dongeng tara kapanggih ngaran pangarangna

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Dongeng tara kapanggih ngaran pangarangna sabab dongeng mah dina sumebarna nyaeta sacara lisan. Kusabab dina sumebarna sacara lisan, dongeng oge salian ti tara kapanggih ngaran pangarangna, dongeng oge sok miboga versi anu beda-beda di unggal daerah.

    Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Sanajan carita wayang oge kaasup kana prosa buhun, tapi ari carita wayang mah sok kapanggih ngaran pangarangna.

Pertanyaan Lainnya